Senin, 31 Agustus 2009

Sajak

TANAH SUNDA '78
Karya Hikmat Sadkar
kawih tingtrim nu kamari
suling jeung jentreng kacapi
haleuang pakusarakan
galindeng bujang jeung lajang
kiwari geus ilang musna
geus sirna tilem ku mangsa

Guruminda Sangkuriang geus jauh ti kacapangan
pohaci jeung widadari lir impian nu geus bari

aheng keneh dongeng sabrang
datang ti peuntas lautan

deudeuh tanah gumelar
ti taun ka taun kalantar