Kamis, 03 September 2009

Biografi

RAMADHAN KH


Ramadhan KH, jenengan lengkepna Ramadhan Kartahadimadja, dipiwanoh ku sarerea minangka sastrawan nu kaasup produktif. Salahsaurang putrana, pasti hidep arapal, nya eta pamaen musik (dram) Gilang Ramadhan. Sababaraha karyana meunang penghargaan, upamana wae kumpulan sajakna Priangan Si Jelita (1957), ti Badan Musyawarah Kebudayaan Nasional (BMKN). Eusina ngagambarkeun endahna tanah Pasundan mangsa harita, antarana taun 50 nepi ka 60. Nepi ka ayeuna, sajak-sajakna jadi bahan pamujian. Malah unggal nyebut ngaran Ramadhan KH, umumna jelema sok langsung ngaitkeun kana buku kumpulan sajak karyana, nya eta Priangan Si Jelita tea

Rabu, 02 September 2009

Biografi

Bentang Lapang

Ngaran kuring Mochammad Iqbal, mindeng dilandi Si Ucing. Bisa jadi lantaran awak kuring leutik, sarta lamun lumpat kacida kestina. Aya oge nu ngalandi Jacky Chan teh bentang film silat Hongkong. Naha disasaruakeun jeung Jacky Chan? cenah mah beungeut kuring rada siga manehna. Teuing bener-henteuna mah.
Ari Cicadas memang tempat lahir kuring. Kuring lahir 4 Juni 1990. Indung kuring ngaranna Hj. Solihah. Bapa kuring H. Badrudin. Dulur kuring aya tilu. Kuring anak kadua.
Ti keur leutik keneh geus resep najongan bal. Duka ngala ka saha, lantaranboh bapa, boh ema, malah aki ti ema jeung ti bapa, kabeh ge lain tukang maen bal. Paling-paling sarua jeung bapa resep lalajo wungkul. utamana tina televisi. Tapi, henteu fanatik cara nu sejen. Ukur sakalikalieun.
Lamun tea mah kuring bisa nepi ka cara ayeuna, sok disebut bentang lapang, eta mah geus kitu bae meureun kuduna. Kersa Gusti Alloh. Kuring kakara kelas hiji SMP, tapi kapilih jadi pamaen nasional umur 17 taun ka handap.
Tangtu henteu kitu bae. Maksudna henteu ujug-ujug pinter maen bal. Sigana karesep kuring najongan bal, aya nu merhatikeun, nya eta tatangga adek. Imahna pahareup-hareup, ukur kahalangan gang. Gang leutik umumna gang di wewengkon Cicadas. Ngaranna Pa Dadi, guru olahraga di salahsahiji SMA swasta.
Kuring inget keneh, sakali mangsa anjeunna nepungan Bapa, menta idin rek ngajar kuring maen bal. Pedah numutkeun Pa Dadi, tina rengkak jeung cara kuring nyepakan bal, rada beda ti budak nu saumur. Kuring harita maju umur tujuh taun, kakara kelas hiji SD.
"Urang dilatih maenbal budak teh", saurna. "Sugan bae bisa ngaganti Yusuf Bachtiar"
Saha ari Yusuf Bachtiar, ka beh dieu kuring karek nyaho, singhoreng bentang Persib taun 80-an. Kuring mah acan lahir. Posisina galandang, sarua jeung posisi kuring. Nya kitu deui awakna, ampir sarua. Ngan kuring mah rada pijangkungeun meueusan.
Bapa teh nolak henteu, ngajurungkeun henteu. Semet ngawaler kieu: "Awakna oge leutik"
Ti saprak eta taya poe nu kaliwat, kuring diajar maenbal. Henteu langsung di lapang., tapi cukup di gang bae. Tampolana di imah kuring atawa di bumi anjeuna. Diajarna ge lain maen bal saperti biasa, kawantu ngan ukur kuring sarangan. Kitu bae diajar nyepak, nyandet, ngaheden, jeung gerakan-gerakan maen bal sejenna. Kaasup latihan fisik jeung stamina. Lumpat, luluncatan, ngangkat beungbeurat, boh ku leungeun, boh ku suku. Nepi ka sepir teh tingberehil.
Umur sapuluh taun, kakara dilatih di lapang maenbal. Najan tetep sorangan, kadua anjeunna. Dua taun ti harita, sanggeus dianggap ngawasa dasar-dasar maenbal, kakara diasupkeun ka kleup UNI.

Tehnik Maca Sajak

Aya sababaraha hal nu kudu diperhatikeun upama urang maca sajak dihareupeun balarea, diantarana:
1. Lenyepan
samemeh maca hiji sajak, urang kudu bisa ngalenyepan heula kana eusi sajak sagemblengna. Nyaritakeun naon eta sajak, kumaha watekna, naha nyaritakeun perkara anu pikabungaheun, pikasediheun, pikaketireun, ngahudang sumanget, jeung sajabana. Mun bisa, kudu apal kana temana: silihasih, kritik sosial, piwulang, jeung sajabana.
tina hasil ngalenyepan teh urang baris bisa napsirkeun eta sajak anu engkena ditepikeun ka balarea
2. Vokal
vokal nu dimaksud di dieu, patalina jeung sora. Sorana kudu bentes tur "buleud", dina harti tetela kadengena bari henteu kudu gogorowokan
3. nada jeung Rasa
Nada jeung Rasa nu dimaksud di dieu patalina jeung sikep dina nepikeun eta sajak. Naha nadana sinis, nyungkun, tumamprak, mikamelang, jsb. Ari rasana naha pikabungaheun, pikakeuheuleun, pikasediheun, jst. Sikep urang dina maca sajak kudu saluyu jeung nada katut rasa anu dikandung dina eta sajak
4. wirahma
wirahma anu dimaksud di dieu nya eta anca-gancangna dina maca sajak. kaasup randegan jeung lentong. Urang kudu apal, di mana randegan anu sakedapan, di mana randegan anu rada lila. Kitu deui jeung lentong. lentong kalimah wawaran, upamana beda jeung lentong kalimah pananya. Lentong anu sedih, moal sarua jeung lentong anu ngagendurkeun sumanget. Kitu deui lentong Basa Sunda, tangtu beda jeung lentong Basa Indonesia
5. Anu dimaksud ekspresi di dieu nyaeta ebrehan jiwa anu diantarana bae katembong sacara fisik dina paroman (mimik) jeung pasang peta (gestur). Paroman dina maca sajak anu pikasediheun, upamana, jelas moal sarua jeung maca sajak anu hegar. Kitu deui jeung pasang petana.

Upama maca sajk teh hayang dijadikeun pintonan anu narik ati, jelas mikabutuh latihan anu daria

Sajak

Asih Kuring
Karya Tiwi Sonia

Asih kuring nu terus mapaykeun bagja
ngabewarakeun rasa
kiwari geus suda tanaga
saukur bisa nikreuh mapay saban tanjakan
di barung hegak-hegak nu teu kalis
kapegat rasa rumasa

Asih kuring nu tos padungdengan
antara hate jeung pikir boa ngarangrangan
maluguran laun-laun jiga daun
ngalakay nyimpaykeun nu baris lugay
"Asih kuring ngalungsar ngagelar kadar"

Sajak

DO'A
(Haturan Pa Oto Iskandar Dinata)
Karya Apip Mustopa

jungjunan
pangnangkeupkeun eta nyawa
nu indit taya nu nanya
taya tapakna di dunya

angin
pangusikkeun sapangeusi buana
yen aya sinatria nu perlaya
di wewengkon langit Sunda

bulan
baturan eta nyawa nu ditundung
di tempat baktina taya nu daek ngajungjung

he panonpoe
geura awurkeun panas nu ngaduruk sagala
sangkan ieu dada
sakumna nyawa Sunda
nyaho boga pahlawan digjaya